Rabu, 23 April 2008

Gunung Kamelang

Disuku gunung kamelang
Peuntaskeun walungan pancar
Sajumpluk lembur dina iuh-iuh daun
Duh,kampung nyalindung
Rempug jukung imah panggung

Turun dijalan Kandaga
Mapah dijalan jajahan
Bras ka jalan satapak
Breh amparan sawah
Ngaleungkah nincak galengan
tungtung sawah tepung huma
netek sakeudik
Paneutep ka bumi panggung
Camperenik